Sabun
Tati :”Cing nambut sabun ih!”
Eva :”Kumaha nyaaa…..moal tiasaa”
Tati :”Euuuuh medit pisan”
Eva :”Nambut…nambut…menta kituh…sabun nambut!!!”
Tati ngaleos …
Tato
Ado :”Bapa uingmah dina awakna aya tatoan gambar naga siah!”
Adi :”Komo bapa uing mah dina dadana tato garuda!”
Ade :”Bapa uingmah tatona saawak-awak siah!
Ado+Adi :”Gambar naon?”
Ade :”Teuing gambarnamah teu jelas, kitu we totol-totol barodas ning… gambar
emping jigana mah!”
Ngabedakeun
Momon :”Kumaha cara ngabedakeun antara nu kencing manis jeung nu jengkoleun?
Maman :”Gampang atuh! Ari nu kencing manis mah ompolna sok digembrong sireum,
sedeng ari nu jengkoleunmah ompolna dijarauhan sireum, da sieuneun mabok!
Klise
Babang :”Disisik-sidik mah nini maneh bet jiga kliseu euy!”
Bani :”Naon kliseu teh?”
Babang :”Heueuh negative pilem! Geura we ari buuk bodas, ari awak hideung!
Bani :”Siiii siah…ngahina!!!”
Basa Indonesia
A :”Ari basa Indonesiana sieun?”
B :”Takut”
A :”Ari kasieunan?”
B :”Ketakutan”
A :”Ari basa Indonesiana era?”
B :”Malu!”
A :”Ari kaeraan?”
B :”Kemalu…..ah teuing etamah ketang!”
Nikreuh
Aya nini-nini andiprek disisi jalan. Keur kitu aya nu ngaliwat, sarta nanya.
“Keur naon Nini, andiprek di sisi jalan?”
Nini :”Puguh keur jajaluk, nini teh lumpuh, Ujang”
Nu ngaliwat :”Sareng saha atuh nini kadieuna tadi?”
Nini :”Ah nikreuh we sorangan…!”
Nu ngaliwat :”Haaar ari si nini….
Mikroskop
Adun :”Umur-umuran kakara dewekmah ningali kutu sirah sagede jempol suku!”
Udin :”Anjiir…na mani gede-gede teuing…dimana euy?”
Adun :”Dina mikroskop…..”
Keur Neangan
Ibro :”Keur naon ilaing titatadi mukaan buku telepon wae?”
Sadang :”Keur neangan nomer telepon Osama Bin Laden!”
Ibro :”Cageur?”
Liwet
Juned :”Kunaon silaing teh katingalina jiga anu laleuleus kitu?
Jumad :”Puguh geus saminggu teu kararaban kejo saremeh-remeh acan!”
Juned :”Euleuh….mani watir temen…dahar naon atuh sapopoe kamari?
Jumad :”Untung we manggih liwet unggal poe teh,jadi teu leuleus teuing….”
Juned :”Dasar gejul”
Pada Hayang
Tukang Es :”Hayang teh halodo nya”
Tukang Bajigur :”Sidik kuringmah hayang hujan”
Tk. Bubur :”Ah..kuringmah rek usum halodo rek usum hujan ge bae weee. Kuringmah
hayang soteh payuuuu…”
Meh Teu Rugi Teuing
Udin :”Beu…kaya kieumah moal tulus euy kawin teh..”
Manap :”Kunaon kitu?”
Udin :”Teu nyangka euy..Neng Susi teh geus midua kuring. Manehna geus boga
kabogoh deui. Mangkaning kuring teh geus meuli cingcin kawin..”
Manap :”Kumaha atuh?”
Udin :”Ayeuna mah tulungan uing, Nap…baturan uing nepungan si bebengok kabogoh
neng Susi euy….”
Manap :”Sabar euy Din…teu hade riributan perkara awewe mah….era…”
Udin :”Na da uing mah lain rek ngajakan ribut barinage…”
Manap :”Rek naon atuh?”
Udin :”Rek ngajual cincin kawin,meh teu rugi teuing we atuh…”
Komo
Totong :”Tang, kunaon minggu ieu kaciri ku dewek maneh mani alum ngungun
kitu,kawas nu boga masalah beurat pisan?”
Tatang :”Teu rek alum kumaha, dewek teh karek diputuskeun ku si Eti, teu gugur
teu angin ujug-ujug megatkeun hubungan. Mani nyeri hate, asa dibentar gelap. Da
kacida bogohna dewek teh ka menehnateh.
Totong :”Alah ari maneh….da dunya teh teu sagede daun kelor….montong dipikiran
atuh. Angguranmah neangan deui we da loba keneh nu leuwih geulis ti si Eti siga
Ikeu, Irna,Dara atawa Dina”
Tatang :”Komo ka neng Ikeu atawa Irna, Dara nu sakitu gareulisna, cacakan ka si
Eti anu teu geulis wae oge kuring geus ditalipak, komo deui kunu geulis
meureun….”
Totong :”Teuing atuh ari kitumah”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar